Jumat, 20 November 2009

Ngadadarkeun Lalampahan


NGADADARKEUN LALAMPAHAN
Urang sarerea tangtu kungsi boga pangalaman lalampahan ka hiji tempat nu ninggalkeun kesan. Ngadadarkeun lalampahan bisa ku cara ditulis, bisa oge ku lisan.
Rangkay laporan nu kudu disusun nyaeta :
1. Tujuan
2. Tempat anu dituju
3. Waktu jeung pamilon
4. Kagiatan
Conto :
KARYAWISATA KA PLANETARIUM
a. Tujuan
Kagiatan karyawisata the ngandung tujuan sangkan sakumna murid boga pangaweruhkatut pangalaman, hususna ngeunaan kaayaan di luar angkasa.
b. Tempat anu dituju
Gedong Planetarium, Jakarta
c. Waktu jeung pamilon
Ieu kagiatan dilaksanakeun dina tanggal 20 Juni 2008, kalawan diiluan ku 300 murid MTsN Binekas.
d. Kagiatan
1) Musieum
Gedong Planetarium the ngawengku musieum anu pernahna di tingkat hiji jeung rohangan utama di tingkat dua, wangunanana ngabelenong kawas kubah masjid.
Di rohangan musieum, murid – murid nitenan sarta nyatet sawatara keterangan jeung gambar pikeun sawalakeuneun. Salian ti gambar, aya deuih potret – potret kajadian samagaha, satelit anu keur ngayakeun panalungtikan, jst. Di ieu rohangan oge dipamerkeun batu meteor anu sawatara waktu kaliwat kungsi ragrag di nagara urang.
2) Filem Planet
Lalajo filem mangrupa kagiatan poko di Planetarium. Beda jeung di gedong bioskop, di dieu mah lalajo the lain dina layar, tapi dina kubah nu ngabelenong badag pisan luhureun urang. Jadi lalajo teh kudu bari tanggah. Kaayaan langit katut jutaan bentang anu katenjo luhureun, nyeples pisan siga kaayaan langit peuting nu saenyana.
Musik katut sosoraan di eta rohangan mungguh matak keueung kadengena. Leuwih ketir deui barang kadenge sora pesawat angkasa luar nu ngaguruh “mawa” urang ngapung ka saban planet.
Protokol teu eureun – eureun nerangkeun kaayaan bentang jeung planet – planet. Planet Yupiter nu anggangna jutaan mil ti bumi, kawas nyeot ngadeukeutan. Endah pisan katenjona. Cingcin Yupiter nu kawentar, ngaguliweng kawas piring emas ngurilingan eta planet.
Sanggeus kira – kira dua jam “di bawa lalampahan” ka luar angkasa, sada pesawat kadenge ngaguruh deui turun ka bumi. Bareng jeung sora kongkorongok hayam, protokol cacarita, “Urang turun deui di bumi Jakarta.”
Sabada proyektor dipareuman, langit jeung bentang – bentang teh ngiles sapada harita.

0 komentar: